BANDUNG BARAT, JABAR – Kades H Ahmad Saepudin Lc ,MA dina dinteun ieu, ngahadiran tur nyaksian acara “Promosi Desa Margajaya” di lingkungan kantor Desa Margajaya, dinteun Kemis,(26/06/2025).
Kades H Ahmad Saepudin Lc ,MA ngadugikeun ” Puji syukur ka Gusti Allah SWT, dina waktos sareng kasempetan ieu urang tiasa sasarengan ngariung dina acara Gebyar Promosi Desa Margajaya, kalayan tujuan pikeun ngagali sareung ngamajukeun potensi lokal sareung kaarifan budaya nu aya di tengah-tengah masarakat urang,” saur Kades H Ahmad Saepudin.
“Acara ieu lain saukur ajang pameran atawa hiburan, tapi ieu téh minangkana mah ikhtiar sasarengan pikeun ngangkat harkat ekonomi warga ngaliwatan promosi produk UMKM, panggung seni budaya, sareng olahraga anu sehat jeung ngahibur,”saurna deui.
” Nyaeta bidang UMKM, urang tangtukeun pikeun ngadukung sareng ngapresiasi karya-karya kreatif ti warga desa — ti mimiti olahan pangan, kriya tangan, dugi ka inovasi digital. Ieu mangrupikeun potensi nyata nu tiasa jadi tauladan sareng panghasilan NU lestari (berkelanjutan).
Samentara éta, seni jeung budaya nu diwariskeun ku karuhun urang kudu di mumule jeung digelarkeun, sangkan henteu leungit tinggaleun ku jaman. Barudak ngora jaman Kiwari kudu dibéré kasempetan pikeun mikawanoh jeung micinta budaya sorangan, ku jalan nyangkingna kana panggung-panggung sapertos kieu,” amanah Kades H Ahmad Saepudin.
” Sareung dina bidang olahraga urang – urang ogé kedah teuras ngadorong supaya ngabogaan prestasi, tapi nu leuwih penting deui,nyaeta kudu nguatkeun tali silaturahmi,hirup sehat di lingkungan masyarakat urang sorangan,”saur Kades H Ahmad Saepudin.
“Hadirin anu dipikahormat,
Kalayan rasa syukur jeung sumanget gotong royong, urang sadaya kudu tetep ngahiji pikeun ngawangun Desa Margajaya anu mandiri, gaduh daya saing, sareng mibanda jati diri budaya Sunda anu kuat,”saurna deui.
“Simkuring miharep, acara ieu tiasa janten titik tolak pikeun terus ngamumule jeung ngamekarkeun potensi lokal, boh pikeun pangwangunan ékonomi, sosial, boh budaya,” hareupan Kades H Ahmad Saepudin.
“Sateuacan rengse abdi ngahaturkeun nuhun ka sakumna pihak nu parantos ngabantu kalancaran acara ieu. Mugi Gusti Alloh Nu Maha Kawasa maparin kahormatan, kaséhatan, sareng kasuksesan pikeun urang sadayana,” saur Kades H Ahmad Saepudin ditutup ku pido’ana.
Margajaya hebat, Margajaya Ngahiji.
Wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh. (Red)
Sumber: Kades H Ahmad Saepudin Lc ,MA. Editor Redaksi: Egha